Ikutan milis sunda
Niat pengen memperlancar bahasa sunda, ikutan dah milisnya
Baraya_Sunda-@yahoogroups.com. Subscribe terus dapet konfirmasi balasan.
SAMPURASUN NUN!!!
Haturan sareng wilujeng sumping baraya,
Baraya Sunda di mana bae ayana, ti Tatar Sunda, ti wilayah mana bae di sakuliah Nusantara oge urang Sunda di manacanagara. Wilujeng sumping di ieu milis.
Ieu milis teh milik sarerea. Rohangan ieu dibukakeun keur saha bae oge; Sunda, lain Sunda, asal bisa nulis dina basa Sunda. Seuri jeung diskusi, atawa ngadiskusikeun nu pikaseurieun.
Dina ieu rohangan oge kaci nyeungseurikeun anu diskusi he he he.
Ieu milis ngahaja moal dikuncenan. Eusi anu dipedar dina ieu milis jadi tanggung jawab pribadi anu ngimelkeunnana. Bilih teu sapagodos kana eusi warta ti nu sanes, teu perlu ambek jeung pundung atawa delikan. Ignore bae!:-))
Bilih hoyong uninga langkung paos mangga bae klik:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda
Upami bade ngintunkeun beja atanapi warta ka para baraya, mangga ngirim imel ka:
Baraya_Sunda@yahoogroups.com
Upami bade kaluar tina ieu milis, tiasa ngirim imel ka:
Baraya_Sunda-unsubscribe@yahoogroups.com
Upami bade ngarobah data, klik bae:
http://groups.yahoo.com/mygroups
Wilujeng tepang baraya! Sumangga geura nepangkeun anjeun. Sebat bae saha nami, kawit ti mana, dumuk di mana, naon pacabakanana, upami kersa mangga wae sebatkeun yuswana. Mudah-mudahan bae ieu wahana teh jadi alat pikeun manjangkeun duduluran.
Prung geura makalangan diskusi!
Hatur Nuhun,
Rahman
Baraya_Sunda ti Nederland


0 Comments:
Post a Comment
Subscribe to Post Comments [Atom]
<< Home